Rabu, 06 Agustus 2008

'''' tunggara '''

geter, geter rasa nu mawa katresna nu nganjang kana puser na kalbu, netep nanceb nurih kana sajeroning rasa, amparan kahayang ngolebat nyipta manis na rasa kadeudeuh''
sakapeng mindah jadi cimata nungumbara ngarengkepan rasa kuciwa,... hate keubeuk ku bangbaluh hareupan ngiang ka jomantara, lalampahan pinuh kurasa kaduhung bat rusras ka maneh na iyeu kuring tunggara teu manggih tungtung
boa jaga bisa pakait dei dina biruna langit di jomantara kumalayang di alam dunya.....
langit nu mendung kalimpudan ku mega hideung,... anging ngahiliwir nyereset kana ati''' mantak ngageuingkeun leuleumbutan diri,, ngan hiji gusti nuwidi nu maha agung
balebat pajar ti wetan nyingrayken hideung na mega peuting...batara nu endah mukaken gapura sagara hirup..... nubaris jadi lalakon hirup nu kumalayang di alam dunya
junjunan.............. di rahasiakan
sok hoyong terang sareng kalangkang saha,, anjeun ayena anteung netep ka..........
mungguhing wirahma rasa jajaka lir haleuang nu di sidem ukura wasa naratas impleungan ngawawaas kumelip langit-langit ati nu pinuh rusiah.....
jungjunan......
sok hoyong terang kalangkang saha ayena anjeun kapidangdung.. kumalayang, melang dina katresna panutan... geuning cinta teh lirkiceup wanci nu simpe niti ati
sakapeng inggis di turih ku cimata tunggara, sakapeung kasep dina langit na nu cangra estuning endah mun asih na satia...
junjunan...anu kasep
sok hoyong terang jaga anjeun sareng saha rumingkang katungtung layung kacipta bagja,, panutan, kacipta bagja na hirup rumingkang sareng anjeun
iyeu kuring anu tunggara medem rasa kacinta ka junjunan......